NENDEN HERNIKA

Lahir di Subang, dan sejak tahun 1993 tinggal di Bojongmangu Kabupaten Bekasi, menjadi guru SDN Bojongmangu 03 Berusaha mengubah rintangan menjadi peluang,...

Selengkapnya
Navigasi Web

SAMAGAHA HAT

Tantangan Menulis Hari Ke-40

Teu sakeudeung babarengan téh. Ti SMP tug SMA, kamamana teu weléh babarengan, nyangking wanda sosobatan. Wanda nu ngalantarankeun rasa nu ngancik na ati disidem buni. Najan aya timburu waktu manéhna bébéja naksir Mumun, aya kanyeri nu ngageuri ningali manéhna nyanding Mimin, diri tetep nyamunikeun rasa. Tetep imut nahan kapeurih, nganti manéhna ngedalkeun rasa ti heula.

Duuh naha atuh bet teu surti kana haté nu wening miasih? Naha teu maca kana riak manah nu mikanyaah? Saprak manéhna gawé di kota, jadi langka panggih. Sok ngahaja ngintipan akun media sosialna. Katémbong aya bakat kana nulis. Puisi-puisina pinuh ku ungkara éndah, nambahan rasa tibelat. Diri kebek kayakinan, manéhna boga rasa nu sarua. Tapi naha teu waé kedal?

Peuting nu éndah, tepung di tungtung lembur. Purnama jadi saksi, haté tagiwur miharep manéhna nepikeun rasa tresna. Tapi teu sangka, langit ngadadak angkeub, purnama ngiles diganti samagaha, manéhna balaka isuk rék walimahan.

Bekasi, 09-02-2022

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

.sugan.. imut lagu mawar bodas,...

09 Feb
Balas

Hehehe... Hatur nuhun, Pak.

10 Feb



search

New Post