Literasi Sakola Ngaronjatkeun Ajen-Inajen Budaya Bangsa
LITERASI SAKOLA
NGARONJATKEUN AJЀN-INAJЀN BUDAYA BANGSA
Gerakan Literasi Sekolah (GLS), anu dijomantarakeun ku pamarėntah ka sakuliah nusantara, tangtu waė miboga tujuan anu hadė, umumna keur sakabėh rahayat, hususna keur para siswa anu jadi udagan ieu program, tangtu waė para siswa pangna dijadikeun udagan sabab minangka generasi ngora nu bakal nuluykeun tapak lacak generasi anu saacanna, anu tangtu waė luyu jeung hukum alam.
Ngaliwatan literasi dipiharep bisa ngungkulan bangbaluh-bangbaluh nu keur tumiba ka bangsa indonesia, nyaėta krisis kedul maca mumul nulis.
Ku narėkabna tėknologi anu teu kabendung, nyababkeun barudak ayeuna teu resep maca, komo deui nulis anu dibalukarkeun katungkulkeun teuing ku ngoprėk internt anu aya dina hp.
Hp, anu kiwari jadi barang anu pungsina leuwih dipikabutuh tibatan meuli kadaharan, utamana anteng dina mėdia sosial anu dilakukeun timimiti budak orok nepi ka aki-aki jeung nini-nini, geus jadi kabutuhan utama, hp nyababkeun ngajauhkeun nu deukeut ngadeukeutkeun nu jauh. Dina kaayaan kumaha we hp teu leupas tina leungeun.
Kiwari, narekabna kabutuh kana hp tangtu waė ngabalukarkeun hal-hal anu teu dipikahayang, geuning lamun dititėnan mah loba kėnėh mudorotna tibatan positipna, komo ninggang di barudak anu masih kėnėh can ajeg lilinggeranana.
Pamarėntah, ngaliwatan Program Gerakan Literasi, miharep pisan sangkan kaayaan barudak salaku generasi anyar ulah nepi ka kalalanjoanan, sabab akibatna bakal tumiba kana sagala rupa, ku ayana literasi dipiharep para siswa anu ngawakilan generasi nu bakal makalangan dina mangsa nu bakal datang kudu jadi generasi nu mampuh ngungkulan paneka jaman anu mingkin ruwet tur rudet, sagalana ngaheulakeun kamajuan teknologi, lamun urang tinggaleun tanwande bakal kalindes ku jaman, beh dituna bakal gampang dijajah ku nagara batur, duh...lebar temen, nagara anu sakieu subur makmur loh jinawi kerta raharja rėa ketan rea keton, baris beunang ku batur, antukna urang teu walakaya, jadi babu diimah sorangan.
Literasi dipiharep mampu ngaronjatkeun ajėn- inajėn budaya bangsa Indonesia, ajeg dina kamandirian, tur leuwih daria dina ngokolakeunana, ulah asa-asa atawa satengah-satengah dina migawena.
Husus pikeun Kabupaten Bandung Barat, dina matėahkeun program GLS diayakeun hiji tantangan antar sakola SMP, boh keur siswa boh keur guru, kitu deui keur kepala sakolana, tantangan anu diluncurkeun nyaeta TMBB atawa Tantangan Membaca Bupati Bandung Barat, anu dina taun 2019 minangka taun kadua ngalaksanakeun ieu program.
Loba pisan pangaruh-pangaruh positif anu karandapan tina ieu program, umpamana baė:
Siswa leuwih mandiri
Siswa miboga tujuan nu geus tangtu pikeun kagiatanana
Siswa leuwih sopan dina tatakrama
Siswa miboga cita-cita anu puguh
Siswa TMBB leuwih aktip dina kagiatan di sakola, boh KBM boh kagiatan sėjėnna.
Loba deui hal-hal positip tina ayana program GLS, husus TMBB sabab dina tantangan ieu loba agenda anu kudu dilksanakeun, misalna Literasi Wisata, Literasi Religius, Literasi Sajarah, Literasi seni budaya.
Mudah-mudahan ku ayana program GLS, bisa ngungkulan bangbaluh-bangbaluh, tur bisa ngaronjatkeun ajėn-inajėn budaya bangsa.
Cag!
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.
Laporkan Penyalahgunaan
Komentar
Diajar nulis, sanajan jauh knh kana sampurna, tapi di Gurusiana teu matak hariwang, sok sanajan loba knh ropaeun, tapi dibr kabbasan pikeun nu diajar nulis jiga kuring.Hatur nuhun ka nu tos ngiring maos, mugia janten kasaan tur bisa ngaronjatkeun motivasi keur nu panulis.