Neneng Rahmia

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web

Ngamumul Basa Sunda

Ngamumulé Basa Sunda

Ngala lauk disairan

Mais teri reujeung peda

Hayu urang sisindiran

Ngamumulé Basa Sunda

Mais teri reujeung peda

Dihijikeun jeung paria

Ngamumulé Basa Sunda

Dibarengan ku daria

Ka pasar rék tumpak délman

Rék meuli teri jeung hurang

Kudu reueus kudu héman

Basa Sunda anu urang

Daun cau daun wéra

Dipoé henteu ditunda

Ulah sieun ulah éra

Sapopoé Basa Sunda

Meuli sarung jeung mukena

Dipaké ulah ditunda

Dimana waé dumukna

Urang Sunda Basa Sunda

Tumpak délman maké kuda

Diukna masing merenah

Lamun maké Basa Sunda

Kudu bener jeung merenah

Kamana néangan pupur

Sok leungit lamun rék maké

Basa Sunda bakal tumpur

Ditinggalkeun teu dipaké

Ka cai rék ngadon mandi

Kadé poho mawa anduk

Basa Sunda rék ka mendi

Poho henteu sanduk-sanduk

Hayang baso anu ngeunah

Kudu bener samarana

Basa Sunda nu merenah

Kudu bener diajarna

Pangantén eukeur sungkeman

Carinakdak tur dareuda

Hayu urang babarengan

Ngamumulé Basa Sunda

Malati dijieun manglé

Seungitna kawanti-wanti

Basa Sunda dimumulé

Makéna sing ati-ati

Ka kulah rék nyiar hurang

Nu beunang geuning guramé

Basa Sunda banda urang

Dipihéman dimumulé

Tipeuting liar ngaronda

Teu poho kohkol disada

Ka para nonoman Sunda

Kadé poho Basa Sunda

Loba harta loba banda

Mawa paré mah ka leuit

Miara budaya sunda

Basa Sunda ulah leungit

Ka leuwi rék ngadon nguseup

Lengkepan koja jeung jeujeur

Basa nu pinuh pasieup

Mung Ki Sunda anu nanjeur

Rék nulis néangan kapur

dimana atuh neundeunna

Basa Sunda ulah tumpur

Sok mumulé ti ayeuna

Alun-alun kota Bandung

Terus ka Taman Djuanda

Ulah sok babari pundung

Mun teu bisa Basa sunda

Jandéla dipaés hardéng

Pulasna belél kapoé

Basa Sunda henteu ahéng

Mun dipaké unggal poé

Ka pasar rék meuli teri

Nu aya mah kalah peda

Rék miluan pasanggiri

Ngadadak diajar Sunda

Ayeuna lain kamari

Isukan lain ayeuna

Nonoman jaman kiwari

Pabeulit maké basana

Ti peuting ulah sok liar

Kajaba arék ngaronda

Sing isin ku bangsa luar

Nu mibanda Basa Sunda

Ka warung rék meuli peda

Ulah poho kuéh ali

Basa Indung urang Sunda

Basa Sunda kadé lali

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Bahasa Sunda ya ibu Neneng Rahmia? Sukses selalu buat panjenengan dan keluarga tercinta

19 Aug
Balas



search

New Post