Neneng Rahmia

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web

Nu Mulang Ka Kalanggengan

Wanci ngagayuh kasareupna

Mangsa panon poé surup

Girimis ngeprul maseuhan jagat

Tatangkakan geunjleung kasiram

Citangis langit ngagewor méré tangara

 

Ombak kasedih ngafalura jero dada

Aya béwara, hiji waruga palastra...

Dipapag cahaya nembus jomantara

Sukma ninggaljeun jasmani

Nyampiung ja uwung-uwung

Ngalayang ka awang-awang

 

Jiwa tafakur ngukur kakujur

Diri ngarasa tuna teu kawasa

Usik malik aya dina guratan

Rénghap napas ilang kapegat

Ninggalkeun buana sagemblengna

 

Pileuleuyan, nu mulang nyungsi kalanggengan

Kembang balébat maluguran geus kekasan

Waruga ngagebra di pasanggrahan

Samoja nanceb jadi tutunggul

Érmawar diawur di pajaratan.

 

( Panineungan keur jenatna Ki adi: Wahyu Syarifudin, nu mulang ka kalanggengan, poé Ahad, 13 April 2014)

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Keren bun puisinya walau tdk mengerti bhsnya

13 Jan
Balas



search

New Post