Neneng Rahmia

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web

SISINDIRAN

A. PAPARIKAN

1. Ngarumpul keur maén rémi,

moro manuk didodoho.

Sanajan usum pandemi,

diajar mah ulah poho.

2. Ka leuwi ngaliwat sasak,

kakawihan ngahariring.

Uteuk lieur panon ruksak,

mikiran diajar daring.

3. Saladah dipaké tamba,

Corona mobil baheula.

Sasalad datang tumiba,

Corona matak bahaya.

4. Disamping maké saléndang,

usum hijan dipayungan.

Tong hariwang tong salempa g,

Gusti Alloh nangtayungan.

B. RARAKITAN

1. Sok sanajan euweuh wadah,

ulah poho nyieun eupan.

Sok sanajan aya wabah,

ulah poho kawajiban.

2. Ka Mekkah rék munggah hajji,

salamet apal saréat.

Kabarudak kudu ngaji,

salamet dunya ahérat.

3. Mawa duit dina beubeur,

bagja kabeuli liontin.

Mawa diri kana bener,

bagja lahir bagja batin.

4. Sanajan geus jadi rami

diajar ukur saliwat.

Sanajan usum pandemi,

diajar mah ulah liwat.

5. Sing getol jarah karamat,

nu guna pikeun maslahat.

Sing getol diajar sholat

nu guna dinya ahérat.

C. WAWANGSALAN

1. Sangu ketan diéntépan,

ulah melang ulah ningnang.

( Wangsalna: Ranginang)

2. Awi dijieun anyaman,

nyiruan euweuh usumna.

( Wangsalna: Nyiru)

3. Rohangan loba jelasna,

coca-cola matak seger

( Wangsalna: Sakola)

4. Kacamatan Bandung Barat,

tangkal peundeuy mingkin jarang.

( Wangsalna: Cipeundeuy)

5. Program maca reujeung nulis,

tarasi paranti nyambel.

( Wangsslna: Literasi)

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Hatur nuhun Bunda Sri. Salam kenal, salam literasi..

10 Jan
Balas

Keren..... Ha..ha..ha..maaf gak ngerti

10 Jan
Balas

Walaupun sy tidak tahu arti puisinya, tapi sudah sy follow ya .. Bunda Neneng. Salam Literasi ya

10 Jan
Balas



search

New Post