Neneng Rahmia

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web

URANG SUNDA BASA SUNDA

URANG SUNDA BASA SUNDA

Sunda mangrupa salahsahiji sèkè sèlèr basa nu aya di alam dunya. Nurutkeun hasil panalungtikan UNESCO, yèn sèkè sèlèr di sakuliah dunya tèh kabèhna aya kana 6000-na.

Tina 6000 sèkè sèlèr tèh tangtu miboga basa sabagè alat komunikasi di masarakatna.

Sèkè sèlèr Sunda, nu nyicingan wilayah Indonèsia nu pernahna di Provinsi Jawa Barat, tangtu miboga basa sorangan, nyaèta Basa Sunda, anu disebut Basa Indung.

Basa Indung nyaèta basa nu diwanohkeun kahiji jalma ku indungna tibarang gubrag ka dunya tur dipakè pikeun komunikasi sapopoèna.

Basa Sunda salaku Basa Indung, geus tangtu kuduna mah diwanohkeun tur dipakè ku nu ngaku sèkè sèlèr Sunda.

Kumaha kaayaan Basa Sunda ayeuna? Pikahariwangeun, masarakat geus keuna ku panèka jaman, geus embung makè Basa Sunda minangka basa karuhun. sapopoè geus remen ngagunakeun Basa Indonèsia, keuna ku paribasa "jati kasilih ku junti", Basa Sunda kaèrèh ku basa lian.

Tangtu waè aya alesanana teu makè deui Basa Sunda, nyaèta:

1. Basa Sunda dianggap kampungan, èra lamun ngomong makè Basa Sunda.

2. Sieun salah ngalarapkeun undak-usuk basa.

3. Basa Sunda teu payu kana gawè.

Alesan di luhur lamun terus dipakè bakal ngakibatkeun leungitna atawa tumpurna Basa Sunda. Basa Sunda bakal ngalaman nasib saperti Basa Romawi, Basa Kawi, Basa Sansekerta, Basa Yunani, jeung Basa Latin.

Lamun tèa mah kajadian modèl kitu, atuh sèkè sèlèr Sunda gè bakal ilang tanpa karana, luyu cek paribasa " LEUNGIT BASANA ILANG BANGSANA".

Basa tèh cicirèn bangsa, aya sèkè sèlèr Sunda sabab aya basana. Ku kituna salaku teureuh karuhun Sunda anu embung leungit basa warisan karuhun, hayu urang ngamumulè ku cara makè Basa Sunda kalayan bener tur merenah, bener ngucapkeunana, merenah ngalarapkeunana.

HURIP SUNDA !

Penulis: Neneng R. Agustini, S.Pd

Asal: SMPN I CIPEUNDEUY

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Hurip Sunda!

22 Oct
Balas

Abdi nomer dua. Sieun lepat nyarios

21 Oct
Balas

Keren, ajarkeun abdi Teh supados tiasa nyaerat ku bahasa sunda

21 Oct
Balas

Mantap...ajarkeun neng

21 Oct
Balas

Yang ingin belajar membaca bahasa Sunda, belajar membaca cerita sunda, nantikan kehadiran buku yg tepat bagi anda "Samagaha di Luhur Jakarta". Pre order ke whatsapp 085863441443. Mangga diantos nya

23 Oct
Balas



search

New Post