DINA MANGSA HUJAN
DINA MANGSA HUJAN
Tantangan Hari ke-34
#TantanganGurusiana
Dina mangsa hujan
Cur-cor cai pagunungan
Herang ngagenclang
Luhur jukut kikiciprikan
Dina mangsa hujan
Endahna panonpoe
Nyorot narabas hujan
Melengkung di langit
Katumbiri nutug putri
Numandi di sisi leuwi
Hanjakal endahna katumbiri
Bet tara lana
Ngan ukur mawa beja
Yen isuk atawa pageto
Angger lumampah
Muru gawe, amanah, reujeung ibadah
Mun seug nyawang katumbiri
Kabayang literasi ibarat cahaya norobos hujan
Cahaya norobos layung
Pinuh kahayang jeung cita-cita
Nitenan ilmu sangkan jadi karya
Karya numulya
Sugan aya pibekeleun urang ja sawarga
Aamiin...
Cihampelas, Mangsa ajrih, jeung reueus kubabaturan nusakitu pinuh pangorbanan dina Kagiatan Literasi
Salasa, 18 Februari 2020
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.
Laporkan Penyalahgunaan
Komentar