N. Mimin Rukmini

N. Mimin Rukmini. Sejak gabung Media Guru, beranggapan menulis adalah kebutuhan. Beberapa hari tak menulis angan dah mulai teriris. Prinsip hidup "Aku Ing...

Selengkapnya
Navigasi Web
GANTUNG AREUYEUN

GANTUNG AREUYEUN

GANTUNG AREUYEUN

Tantangan Hari ke-39

#TantanganGurusiana

Sababaraha waktu katukang, kuring jeung babaturan balakecrakan papatungan dalahar di salah sahiji warung sangu. Goreng hayam kampung panas jeung sambel lada seuhah lata-lata, nimat nu taya bandinganna.

Gancangna carita kuring dalahar. Hanjakal, sanguna ngan saboboko. "Jigana can sadaya meureun, Bu." ceuk Emen. Kuring genepan ngeureuyeuh dahar. Ari sangu saboboko seep, ari daging hayam sabalikna, numpuk kénéh dina piring. Da éta geus biasa, lamun pesen, laukna sok dua ewang. Kulantaran lalapar, sangu saboboko leutik téh séép. Nu nyésa nyaéta hayam goréngna, nudisésakeun bari nungguan boboko sangu kadua. Ditungguan weĺéh can datang. Geus disusul, angger teu datang. Nepi ka lalab jeung sambel ampir séép di keureuyeuh.

Malah mah dina piring kuring nyésa kénéh karédok leunca nu ceuk kuring mah rada lada. Ari rada lada téa geuning tara wani ngadahar lamun teu jeung sangu. "Duuuh, kumaha ieu téh? Boa moal datang deui sanguna. Antukna lantaran lila, goreng hayam gé dikeureuyeuh, goréng hayam dina piring séwang-séwangan geus sararéép.

Geus kitu, kakarak sangu norojol dianteurkeun ku pagawéna. "weeeey, karang datang." ceuk saréréa. Bari jeung ukur ngimeutan sésa, éta dahar karasa ngeunah.

Kuring jeung babaturan salila dahar gogonjakan. "Tah nu kieu nu disebut gantung areuyeun téh." ceuk Kang Away.

"Naha, Kang?" tembal kuring.

Kang Away nétélakeun yen gantung areuyeun téh teu tamat sakaligus daharna kulantaran sanguna saeutik jeung nungtut datangna.

Tempo mayar, Si Éteh nuboga warung tamada. Manéhna nyaritakeun tadi waktu rék diantéurkeun ka tempat kuring dalahar, sangu téh direbut ku nu karak datang tujuhan. Pajar téh sarua nu tujuhan lalapar. Celengkeung Apud mairan, "Muhun Bu, gantung areuyeun"

"Wios Pa, tos dipasih diskon." tembal tukang warung. Alhamdulillah, tah geuning?" htr nuhuuuun! Tembal kuring, bari dituturkeun kusaréréa ngeureuyeuh mulang.

Cag Ah!

Cihampelas, 2 Juli 2020

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post