N. Mimin Rukmini

N. Mimin Rukmini. Sejak gabung Media Guru, beranggapan menulis adalah kebutuhan. Beberapa hari tak menulis angan dah mulai teriris. Prinsip hidup "Aku Ing...

Selengkapnya
Navigasi Web

PAJAR TH SOK SIEUN

PAJAR TÉH SOK SIEUN

Tantangan Hari ke-43

#TantanganGurusiana

Wanci magrib hujan angin dor dar gelap. Ninggang dikabeneran deuih pulsa listrik teh séép. Antukna listrik pareum pararoek. Bateré hp ampir paréum kuring inget rék nganjuk pulsa ka babaturan. Éh, ari pék téh reup paréum sarua jeung imah. Bari bingung kuring nitah nu jadi alo Entin, "Tin, cing tutupkeun hardeng!" Majar téh sieun kanu poék.

Kuring mésem. Abong budak, naon atuh nudipikasieun ari di nu poék téh? Sakapeung sok hayang seuri, lamun ngabandungan nu borangan. Tapi émang bener, ngaranna oge jalma masing-masing boga laku lampah anu beda tur unik. Kuring boga anak lalaki duanana kasebut ludeungan. Sabalikna nu jadi alo, abong budak awéwé beurangan kabina-bina.

Ngan untung mangsa harita babaturan nu dipesenan pulsa listrik, tokenna geus datang. Da tadi sabarang pes pareum pesen pulsana make hp nujadi alo. Token pulsa listrik diterapkeun, ahirna bray deui listrik di imah kuring. Alo kuring cenghar rarayna, caang batinna. Litrik di imah kuring bray caang deui. Da eta mun poek, pun alo sok tibuburanjat sieun ku poék eta.

Cag ah!

Carpon pondok pisan

Cihampelas, 7 Juli 2020

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post