SI IROH JENGKEL KA SI CORONA
SI IROH JENGKEL KA SI CORONA
Carpon pondok pisan
Tantangan Hari ke-44
#TantanganGurusiana
"Hai Corona, manéh téh sing mikir atuh! Tuh supir, nudagang ngururing atawa kaki lima sing jarerit kadang nepi kaambek-ambekan da gara-gara manéh." Gantawangna Si Iroh ka Si Corona. Si Corona teu ngomong dikitukeun téh. Si Corona malah dodopongan bangun ngahaja teu ngadénĝékeun naon nudiucapkeun ku Si Iroh.
Harita Si Iroh keur dina angkot, ari supirna loba ngambek, da nyaéta jarang penumpang. Majar téh cenah kunaon bet jelema sinah caricing di imah, émang lamun manéhna cenah cicing di imah, bisa ngajamin dahar pamajikan jeung anak manéhna. Si Iroh jigana nyeri haté ku babasaan éta supir. Komo deui lamun seug niténan nu tadina dagang di sakola atawa dagang nguriling daganganna teu lalaku. Béh dituna Si Iroh gé tadi namah rék umroh ngan kusabab aya istilah lockdown di Mekahna, sarua Si Iroh teu jadi umroh. Ngan dirina sadar naon-naon ge kumaha cék Gusti Allah. Mun can waktuna Allah gé moal ngawidian, kitu gerentesna haté Si Iroh.
Antukna duka kumaha mimitina, Si Iroh amprok jeung Si Corona. Si Iroh tutunjuk nyarékan Si Corona. Unggelna jiga kieu, "Corona manéh téh mahluk leutik, nudisebut virus. Tapi naha, manéh ngajago pisan? Nepi ka 194 naĝara geus katularan ku manéh. Rebuan jalma gering ku virus manéh ieu, loba oge numaot, deuleu? Pamaréntah ripuh, barudak teu bisa sakola. Cing geura nyingkah kaditu euy! Geura paéh manéh téh!"
Ari Si Corona tadinamah cicing waé dicarékan Si Iroh téh. Ngan lila-lila mah meureun ambek ogé sarua jeung Si Iroh. Antukna celengkeung Korona cumarita bari nangtung. "Yeuh Iroh, matakna gé jadi jalma téh kudu éling, ulah kamalinaan. Meureun kitu ogé panggeuing ti Gusti da maranéh Iroh, geus teu mikirkeun batur. Teu paduli ka tatangga nu miskin jeung sangsara. Teu paduli ka sasatoan, nupenting tewak terus dijual. Teu paduli kana kabersihan, teu paduli kana tatangkalan. Kabéh dituaran, kabéh ditembokan. Cing kumaha kaayaan lingkungan urang? Panas jeung euweuh panyerepan cai. Cing kumaha kana sampah? Miceun di mana wae, komo bari jeung jorok embung misahkeun sampah baseuh jeung garing. Cing kumaha sasatoan nugeus puguh haram didahar da puguh ngabahayakeun awak manéh. Komo deui aya video nu viral jalma-jalma ngadahar orok, ngadahar darah daging sorangan. Apanan kacida Iroh! Ahirna kuring nujadi virus hirup, kusabab laku manéh sorangan. Cing inget Iroh! Prak manéh geus waktuna éling. Alam dunya moal lana mun manéh teu éling-éling. Eh da enya moal lana.” Cek Si Corona ngabenerkeun kalimahna.
Sajongjongan Si Iroh ngahuleng ngaraga meneng. Lila-lila berebey cimata Si Iroh ngalémbéreh maseuhan pipina. Si Iroh sadar. “Geuning enya, salila ieu kuring poho, ngan mikirkeun diri sorangan. Gusti Nu Maha Agung, kuring hampura!”
Cihampelas, 20 Maret 2020
Dina mangsa swakarantina virus Si Corona
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.
Laporkan Penyalahgunaan
Komentar
Alhamdulillah, hatur nuhun Tth Say!
Sae pisan, Iroh !