R. ENENG SITI HAJAR

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web

Cerpen Sunda

Teh Isah Lebaran di Lembur

Ti saminggu memeh lebaran Teh Isah geus tatan-tatan nyiapkeun keur mudik lebaran. Katingalina mani geus elekesekeng hayang geura-geura cunduk kana waktuna. Teu sirikna digawe migawe pagawean di rumah tangga ge ampir teu sumanget dumeh hayang geura amprok jeung nu jadi indung jeung dulurna di kampung na di Tasikmalaya.

Tasikmalaya dayeuh tempat bali geusan ngajadi cenah. Tempat nu endah nu ceuyah ku rupa-rupa karajinan khas na katut ku rupa-rupa kuliner na nu geus kakoncara ka unggal kota malah tepikeun ka mancanagara. Katuangan mangrupa oleh-oleh na anu raos kacida sarupaning kiripik, kolontong, opak, abon, jeung rea-rea deui nu lain na. Atuh dina karajinan Tasik sarupaning tas, kelom geulis, coet batu, katut karajinan anu dijieun tina tanduk ti mimiti panggaro tonggong, kipas, tasbeh, ah moal bisa disebutan hiji-hiji bakating ku loba rupa-rupa na.

Geus tanggal 27 romadhon nincak di poe kemis isuk-isuk Teh Isah geus saged dangdan. Indit rebun-rebun wanci masih keneh turun ibun Teh Isah geus nepi ka sisi jalan megat angkot anu ka terminal Cicaheum. Satepina ka Cicaheum langsung naek beus Budiman nu arah ka Ciamis. Teu lila ge beus geus pinuh ku panumpang bubuhan rek lebaran tayohna mah, loba pisan nu rek mudik. Teh Isah ampir-ampiran teu kabagean tempat diuk dina beus mun teu gura giru mah. Untung we Teh Isah cingceung masih kabagean jok percis ditukangeun supir beus. Gek dina jok anu deket jandela. Teu lila jol deui panumpang nu sejen na.

"Kosong Ceu?" Ceuk hiji lalaki jangkung hideung nanya ka Teh Isah.

"Kosong." Waler Teh Isah ngawalon eta lalaki.

Gek eta lalaki teh diuk gigireun Teh Isah. Tuluy maneh na ngaleupaskeun jaket tina awakna. Seeeeenng..... Pelengseng teh eunteup kana irung aroma tina balik jaketna. Hheemmmmnn...'sedaaaapnye...' mun ceuk si ipin upin tea mah.

Teh Isah ngaluarkeun tisu tina tas kempitna pikeun nutupan irung na.

"Duh ... Mun kongang mah da ku hayang pindah tina eta tempat diuk teh, tapi dimana nya... euweuh deui jok nu kosong." Gerentes hate Teh Isah.

Puguh kabeh jok oge geus parinuh malahan mah loba nu narangtung teu kabeh kabagean tempat diuk bubuhan ku loba na panumpang nu rek papada mudik lebaran di kampung. Nya ngawayahnakeun maneh bari nyeuseupan bau walirang nu nyambuang tina kelek eta lalaki.

Teu lila nungguan, geuleuyeung beus mimiti laju kaluar ti terminal Cicaheum. Geus kitu murudul tukang dagang asongan nu nawarkeun rupa-rupa dagangan. Ti mimiti permen, kacang goreng, sukro, teh kotak, teh botol, akua, jeung sajabana, malah aya nu nawarkeun bubuahan sarupaning jeruk, apel, anggur jeung rea-rea deui. Geus puguh nawarkeun kadaharan mah...eta deui kupirajeunan aya nu dagang nanawarkeun parabot jeroan awewe. Duh...era paradah. Rek dikamanakeun ieu beungeut. Pas palebah hareupeun pisan nu ditawarkeun jeroan awewe sabangsaning kutang jeung calana jero. Gustiiiii... Mana eta gigireun teh lalaki. Katempona mah rada cunihin deuih. Da eta we pas ditawaran ku si emang tukang dagang teh...mani musam mesem aluman alimen siga nu inget kana eusina.

"Pa...mangga bade ngeresakeun ngagaleuh ieu anggoan parabot istri, eta kanggo si tetehna." Majarkeun teh bari nunjuk ka Teh Isah, disangka na mah Teh isah teh pamajikanana.

"Bade Teh..?" Tanya eta lalaki jangkung hideung teh nawaran Teh Isah.

Reyyyy...beungeut Teh Isah asa ngaheab. Sigana mah geus euceuy beureum burahay. Teu kuat ku nahan ka era.

"Leuh....dasar lalaki atah adol! Make nawaran sagala." Teh Isah galecok jero hate na.

"Ah, henteu." Jawab Teh Isah pondok bari ngagitekeun bujur na ngised saeutik rada nyanghareup kana jandela. Dikitukeun mah ngaleos tah tukang dagang teh teu maksa teuing, apaleun ku teu diwaro ge cingcirining teu kabita ku barang daganganana.

Ku waas nempoan kaluar jandela mah tibatan kudu nempoan barang dagangan jeroan awewe. Era nu puguh mah.

Katempo di jalan mimiti rame ku patingsuliwerna kendaraan. Boh kendaraan pribadi boh kendaraan umum nu marudik sigana teh dan katempona babawaanana munel tepikeun kana suhunan mobil bari ditutupan ku terpal, bawaeun oleh-oleh keur ka kampung.

Disatengahing perjalanan Teh Isah ngumbar lamunan nu lawas katukang mangsa keur lalagasan keneh. Harita mun balik ka kampung teh sok dibarengan ku beubeureuh. Sajeroning ngalamun mangsa lawas katukang...lamunan teu ieuh kagareuwahkeun ku reangna sora tukang dagang asongan nu nanawarkeun barangna.

"Ah, naha bet inget ka kang Endi." Teh Isah nyawang mangsa ka tukang.

Harita mimiti wawuh jeung Kang Endi teh dina beus Budiman. Sarua diuk di jok sabeulah gigireun nu ayeuna didiukan ku lalaki jangkung hideung. Teuing saha ngarana... ah hoream kudu kenalan mah. Ti harita nepika ayeuna tepikeun ka geus boga bati. Nyatana nu jadi salaki.

Balas ku anteng ngalamun ...les weh Teh Isah kasarean. Kerrrr...tibra naker tepika teu apal di jalan. Hudang-hudang geus tepi ka terminal Indihiang kagareuwahkeun ku panumpang nu ribut pada tarurun tina beus riweuh ku nyokotan babawaan tina bagasi nu aya diluhureun sirah. Sakapeung mah dukdek awak kasikuan ku batur.

"Teh, mangga ah dikantun." Lalaki jangkung hideung teh pamitan ka Teh Isah bari manggul dus aqua bawaan oleh-oleh sigana mah. Leos...ngaleos turun tina beus.

"Oh...mangga..mangga wilujeng!" Walon Teh Isah.

Teh Isah ge nuturkeun milu turun tina beus. Neruskeun lalampahan mudikna. Ti terminal Indihiang, clak naek beus tiliparapat Cineam-Tasik anu jurusan ka Manonjaya.

Cag ah.

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Addduuuh...! Lam a'rif anything...

09 Jul
Balas

Alamak. Hehehe

08 Jul
Balas

I dont Understand, what is she talk about? pulang se wak ka bukik lai pak Yuda...

08 Jul
Balas

Ga ngerti ya bu....haduh gimana atuh. Saya mencoba cerpen berbahasa daerah

08 Jul

Ha..ha harus banyak belajar saya bu Eneng.., ntar diajarin ya artinya..

08 Jul

Matur Nuhun bu..he..he

08 Jul
Balas



search

New Post