R. ENENG SITI HAJAR

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web

Cerpen Sunda

Gara-Gara Basa Basi"Yeuh Isah, keur naon? Diperhatikeun ti tatadi mani teu ingkah tina bangbarung. Ngalamun...ngalamun naon atuh. Aya nu dipikiran atawa kumaha hehhhh..?? Aya masalah naon sok nyarita ka akang!" Kang Endi mani nyoroscos nanya ka pamajikanana. Satengah ngagorowok ngagareuwahkeun lamunan Teh Isah. Enya memang ti kamari paroman Teh Isah alum tara-tara tisasari. Siga nu nguyung mun ceuk cara hayam tea mah."Tong sagala teuing jadi pikiran lah matak begang kana awak. Anggur kaditu geura masak." Kitu ceuk salakina mani pertentang euweuh titik koma na ngomong teh.Isah ngaleos ka dapur bari teu lemek teu nyarek da puguh keur bete siga na teh. Gap kana kangkung terus dirompes rek di tumis make bungbu dasar we sarupaning bawang bodas, bawang beureum, cengek, jeung tarasi make royco weh sapuruluk mah mah pelem. Geus beres ngarompesan kangkung terus nyiksikan bawang bodas jeung bawang beureum teu poho cengek domba meh patri lada na. Lima siki ge cukup. Geus kitu ...sreng kabeh bungbu dioseng dina katel alumunium nu geus parenyon jeng karentob balas ku geus lawas. Awet kukitu na mah. Katel warisan titunggal indung na. Brus kangkung digebruskeun kana katel dioseng satengah mateng. Beres ngoseng sok di kana piring seng keun. Geus kitu aya pindang tongkol tilu keureut. Digoreng rada garing, biasa karesep kang Endi. "Kang...tuh bisi lapar mah tumis kangkungna geus asak." Teh Isah nyalukan salaki na."Haaarr....naha kalah ka kerek. Akang itu lain tadi teh nitah masak. Geus asak tuh."" Euh...heueuh, tadi teh nungguan asak bari gogoleran, naha atuh bet terus kasarean. Lah lumayan Isah ngalenyap mani ni'mat. Mana atuh hayu!" Ajak kang Endi."Sok we ah tiheula asa can lapar." Teh Isah ngajawab bari ngaleos ka kamar."Moal ngabaturan?"Kerrr... weh Kang Endi dahar sorangan mani ngalimed. Ni'mat naker katempo na teh nepika luut leet kesang ngadahar oseng kangkung lada. Regot...regot kana ci teh panas nu geus disadiakeun ku Teh Isah. Ngahaja dina emuk seng warna koneng. Cangkir paranti na Kang Endi."Isah... Dimana ari anjeun?" Gorowok Kang endi nyalukan Teh isah."Ieu kang di kamar. Aya naon atuh?" Walon Teh Isah."Kunaon, aya masalah?" Tanya Kang Endi."Enya Kang lah...keur bete Isah teh. Teu pira da tadi di sakola naros ka ibu Haryati. Padahal mah da pertanyaan teh ngan saukur basa basi niat na mah. Tapi Gustiiii....na bet janten bendu atuh ibu Haryati teh.""Memang na nanya naon?""Enya...kieu: naha nuju libur bet angkat ka sakola, bu, ceukeng teh.""Tah ngan sakitu. Tapi bet janten masalah. Make jeung dibeja-beja ka batur sagala coba, isiiiinn Isah teh. Majarkeun teh, eta basa teh mani seukeut cenah. Padahal mah nya...da teu make peso ngomong teh....rarasaan mah. Tapi meureun duka nuju sensi atanapi kumaha atulah.""Euh...kutan kitu nyah. Eta nu jadi anjeun huleng jentul teh? Heueuh keun bae. Keur sensi meureun bu Haryati na. Nu matak kudu sing ati-ati ari ngomong teh. Dipikir heula ...ma'lum kan ari ka kolot atawa ka saluhureun mah teu bisa disaruakeun jeung ka balad-balad. Biasa heureuy. Tapi bisa jadi salah tarima. Nya geus we atuh, ari kitu mah". Ceuk Kang Endi bari ngaleos ka tepas rek udud.Teueueueuu... pira!.#Fri14042017#ensitha

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Keren carponnya...

15 Apr
Balas

Aduh...ibu menyanjungku terlalu tinggi. Makasih bu

21 Apr

Sae pisan eta cariosna...

21 Apr
Balas

Sae Bu ☺

15 Apr
Balas

Hatur nuhun ibu....luv you full

21 Apr



search

New Post