R. ENENG SITI HAJAR

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web

Tèh Isah Bisa Basa Inggris (Cerpen Sunda

Tèh Isah bisa basa inggris

Geus teu bireuk deui mun ngomong soal Tèh Isah. Tèh Isah nu beuki heureuy, loba humor, matak pada betah kanu jadi sobat-sobatna. Boh dina obrolan atawa dina paripolahna sok pikalucueun komo mun pareng metakeun atawa nirukeun sikap jeung kalakuan nu lain. Ku bisaan.

Ku parigel na Tèh Isah, lain ngan saukur bisa ngajar ka barudak sakola wungkul tapi ogè bisa ngahibur boh ka barudak sakola atawa ka batur batur sabalad baladna. Jadi mun ngobrol jeung Tèh Isah sok pasti bakal kahibur ku tingkah polah na atawa ku cariosanana. Komo mun geus ngomong makè basa inggris teu sirikna pèdè liwat saking. Sotoy tèa kasebut na tèh meureun, da teu aya rieuk rieuk rumasa salah, najan enya gè salah ucap. Pèdè wè... Hiji waktu Tèh Isah ngomong makè basa inggris tiditu na mah mèh kasebut gaya,gaul, jeung moderen atawa istilah barudak ayeuna mah mèh teu 'kudèt' cenah alias 'kurang apdet'. Ma'lum gaulna jeung barudak sma tèa atuh.

Harita wanci geus isya, sabada na sholat isya Tèh Isah curhat ka salaki na.

"Kang, tadi mah si Eci jeung si pitri ka bioskop, rèk nongton pilem cenah mah ramè pisan tapi horor pilem na tèh."

"Naha atuh lain milu nongton kadituh, mèh aya hiburan, keun wèh si jegur mah jeung akang heula."

"Ah, nyèta atuh, teu inget kadinya. Padahal mah mun nyaho akang rèk ngidinan mah, Isah rèk milu da."

"Mèmang na nongton pilem naon Eci tèh?"

"Naon cenah nya...da majarkeun tèh ramè. Laaah poho deui judulna tèh naon mah....oh enya dikingdon kang, èta pilem tèh keur ngetren cenah."

"Hah, dikingdon? Naon dikingdon tèh, Isah?"

"Nya pokona mah èta wèh. Pilem horor cenah da. Mani diditu didieu ngan ngalobrolkeun pilem èta. Teu sirikna di sakola, di kantin, di kelas. Enya meureun keur usumna. Eta wè nu diobrolkeun ku barudak tèh, sakapeung mah di angkot gè ngomongkeun pilem èta." Ceuk Tèh Isah mani nengterewelang.

"Naon tadi tèh judulna Isah? Asa kakarak ngadèngèna gè akang mah." Ceuk Kang Endi panasaran.

"Dikingdon. Nya èta wè lah pokona mah teuing jelas na mah."

"Dikingdon?" Tanya deui Kang Endi.

"Enya 'Dikingdon', anu artis na teh 'Kristen stuwed (Kristen Steward-red) ning, nu merankeun Bella Swan, cenah ceuk si Eci mah." Walon Tèh Isah.

"Oh ...Lain dikingdon meureun Isah sok nyanyahoanan ari teun tèh, sakanyaho akang mah judul pilem tèh 'Breaking Down'."

"He'eh tah eta maksud abi ge. " Ceuk Teh Isah bari mesem bari aluman alimen rada kaisinan.

"Duh, anjeun mah Isah....Isah...sok sotoy wae atuh bari gagayaan basa inggris. Mun teu apal ulah waka ngomong!" Walon Kang Endi, salaki na.

"Ah, bae bari na gè, da Isah mah teu salah...biwir nu salah mah. Jeung bari na ge baè atuh basa inggris rasa Ciaruteun hehe.... Tèh Isah embung èlèh kitu na tèh bari mèsem, tiditu na mah nutupan kasalahan supaya teu èra.

Kang Endi ge teu barung seuri mèsem bari ngaleos ka luar.

#satnite11032017

#ensitha

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar

Bu Eneng luar biasa.....saya hrs kursus bhs sunda sama ibu nih...

24 Jul
Balas



search

New Post