Lieuk leuweung lieuk lamping jauh ka sintung kalapa
Ngan saukur keclakna cipanon nu marengan
Lalakon hirup di pangumbaraan
Rek diajar mandiri niat hate ngalakonan
Susuganan jaga manggih kabagjaan..
Nekad diri di jurung pidu'a ti anjeun
sadayana Sesepuh nu salalawasna mikanyaah
Mikaheman diri nu teu daya teu upaya
Lengkahna suku marengan niat jeung tekad
Ngumbara ka lembur batur nu teu aya dina lamunan.
Kasebrang ka palembang, balik balik mawa kurupuk
Sapenggal babasaan kaulinan di lembur keur ngusir reungit
Tapi ayeuna kudu kaalaman ku sorangan
Ka sebrang ka sumatra
Susuganan pinanggih bagja
Dalapan taun sanes waktos nu sakedap
Pahit peurih codeka hate datang kasorang
Kaduhung ngajurung hate hayang balik
Diri teu kuat nyawang kumaha kahareupna
Lantaran di dieu
Lieuk leuweung lieuk lamping
Jauh ka sintung kalapa
Lieuk deungeun lieuk lain
Jauh ka indung bapa
Teu harta teu baraya
Sangsara nu tumiba
Emak
Aki
Abah
Ene
....
Kedah kumaha ieu diri ?
Duh gusti pangeran abdi
Paparin abdi kakiatan jembarna manah
Pikeun ngalakonan hirup nu walurat. Jantenkeun abdi jalmi sabar tur tawakkal. Aamiin
#Nineung sono ka lembur#
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.
Laporkan Penyalahgunaan
Komentar
Sing sabar bu, ngubara mah, lamun keur Sono ka kaluarga di rorompok tempat kalahiran
Sumuhun pak Mulya... Teu nyangka gening kieu ari tebih ti sepuh di lembur... Gegana.. Haturnuhun parantos sindang
Punten nyuhunkeun widi kanggo di copy,,,
Oohhh.. Sumuhun mangga pak...